Latest Games :

Trending Topic

Home » » Lirik lagu Doel Sumbang Urang Sunda

Lirik lagu Doel Sumbang Urang Sunda

Minggu, 30 September 2012 | 0 komentar

Urang sunda ka marana Urang sunda di marana Urang sunda, urang mana Urang sunda, Anjeun saha Naha ngan saukur nu ngeusian Pulau Jawa Naha ngan saukur lalajo bari tumenta Gancang geura hudang buka ceuli buka mata Geura tembongkeun urang sunda oge bisa Tembongkeun urang ge bisa mela nagara Tembongkeun urang ge bisa jadi pamimpin Urang ge bisa nangtung ajeg jeung kawasa Lain saukur bisa unggut jeung kumawula Si Kabayan urang sunda Urang sunda lain Si Kabayan Si Kabayan urang sunda Urang sunda ulah jadi si Kabayan Anu karesepna ngan ukur ngagere ceuli Anu karesepna ngan ukur heuay nundutan Anu karesepna ngan ukur diuk ngalamun Atawa calangap ngitungan bentang di langit Mun urang kabeh reueus jadi urang sunda Pikiran deui naon nu dipikareueus Lamun urang sunda kabeh jadi si kabayan Kuring melang hiji waktu urang kababayan Urang bakal kababayan, ukur bisa kababayan, salawasna kababayan Si Kabayan urang sunda Urang sunda lain Si Kabayan Si Kabayan urang sunda Urang sunda ulah jadi si Kabayan
Share this article :

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Copyright © 2011. MUSIK - All Rights Reserved
Template Modify by Creating Website
Proudly powered by Blogger